Rabu, 17 Februari 2010

KAWIH KAASIH

Hate mah lir kila-kila simpena langit
Meusmeus muyung tungtung layung
meusmeus melang ku hariwang
Piligenti ngagali wanci
silih bintih nurih kapeurih
Nya ayeuna pisan,ngintun harepan
Sanajan kawilang melang ku anggang
Sanajan astra waruga teu karampa
Nyuuh kalbu mah rengkuh sasadu bilih bendu
Duh, kacipta … linggih ka nu tebih
Nyelang nganjang ngahaja ngaraksa beja
Sungkem nepangkeun diri nu pikakeuheuleun
Salam baktos rumaos tos tega basa

Hate mah lir kila-kila langgam cai
Sakapeung kiruh ku kalepatan
Sakapeung ripuh ku kaayaan
Ngalayah ngabedah sasat ku saat
Silih tindih ngagerih garing kasedih

Nya ayeuna pisan,nyanggakeun kawih kaasih
Sanajan teu nikreuh longok jonghok
Sanajan teu nikreuh ngagandong landong
Mung bingah gumulung najan teu tepung
Duh, reueus ngadeuheus ungkara cinta
mahugi ati ngamumule hate
Meungpeung geugeut sangkan nineung
Kahatur pidu’a mugia bagja tur waluya…